Ulin ka tempat sajarah
Dina
liburan sakola 4 taun kamari, sakola abdi ngayakeun liburan babarengan ka
Museum Geologi, Museum Pos Indonesia, sareng ka Gua Pakar. Abdi sareng
rerencangan anu lainna ngarasa bungah sabab liburan ayena urang ameng ka tempat
sajarah.
Museum
Geologi teh ayana di Bandung, di Museum Geologi aya mang rupa-rupa batu anu
langka sareng unik. Sigana lamun di itung leuwih ti puluhan macem. Iwal ti eta
di museum Geologi teh aya oge rupa-rupa minyak bumi, gambar-gambar manusa
purba, tulang Dinosaurus, film perjuangan Indonesia pas di jajah keneh ku Walanda,
sareng anu sanesna nu nyangkut kana sajarah.
Saentos
puas ningalian benda-benda sajarah di Museum Geologi, abdi sareng rombongan ti
sakola ngalanjutkeun ameng ka Museum Pos Indonesia anu letakna teh teu jauh ti
tempat Museum Geologi, urang teh kantun mentas sareng papah te jauh-jauh
teuing.
Pas
tos nepi ka Museum Pos Indonesia
urang teh teu tiasa lebet langsung, sabab sateuacanna urang teh di pasihan
pengarahan sareng di wartosan kumaha Pos Indonesia teh di bentuk. Saentos pengarahanna
rengse urah kengeng lebet tuluy urang teh di pasihan buku anu sampulna gambar
Pos Indonesia sareng gantungan konci.
Pas
urang lebet ka Museum Pos Indonesia urang
bakal ningali patung nuju ngariung tuluy aya patung tukang pos lengkep sareng
motor nu sok nganterken surat. Ti ka jauhan mah patung eta teh siga anu nyaan
eri pek teh patung sabab asa sarua pisan bentukna.
Di
Museum Pos Indonesia teh aya kumpulan perangko anu di tempelkeun tina papan. Eta
koleksi parangko teh rupa-rupa, aya parangko nu ti luar negri oge. Koleksi
perangko anu aya di Museum teh mangrupa perangko ti jaman bareto keneh.
Saentos
di Museum Pos Indonesia abdi sareng nu sanesna ngalanjutkeun ameng ka Gua
Pakar. Tempatna teh di Dago, pas mimiti lebet eta udarana kacida tirisna. Pamandanganna
oge siga nu di hutan kitu. Tuluy Gua Walanda sareng Gua Jepang teh lokasina
lumayan jauh di tempat mimiti asup.
Ahirna
nepi oge ka Gua Walanda, sateacanna lebet ka gua di sisi gerbangna aya denah
gua Walanda, tujuanana teh ameh pengunjung teu kasasar. Tuluy aya oge tukang
nyewakeun lampu senter anu pabalatak.
Pas
di lebetna suasanana teh meni sararien, pararoek dei. Tapi di gua Walanda mah
jalanna pondok. Jadi asa sakedap ngalewatannana teh sabab jalanna lempeng,
lamun bulak-belok mah sieun nyasar.
Tuluy
ayena abdi sareng nu sanesna ka gua Jepang. Di gua Jepang mah jalanna teh
babatuan. Jadi urang teh kudu ati-ati lamun henteu ati-ati kena bisi katajong.
Salain eta jalana teh bulak-belok jadi sieun nyasar. Alhamdullilah ahirna bisa
kaluar ti gua Jepang.
Saentos
ka gua Walanda sareng ka gua Jepang abdi sareng nu sanes istirahat heula di
taman anu aya tempat ulinna. Di dinya abdi sareng rerencangan botram tuluy ameng
didinya nepi ka puas. Teu hilap oge abdi sareng rerencangan fofotoan di tempat
eta anu aya patung I.R Djuandana.
Tah
eta pangalaman abdi, jadi urang tos terang kumaha kaayaan di tempat-tempat sajarah
khususna ti daerah Bandung, nyaeta Museum Geologi, Museum Pos Indonesia, Gua
Pakar, sareng anu sanesna.