Senin, 12 November 2012

Contoh membuat pengalaman menggunakan bahasa sunda


Ulin ka tempat sajarah
Dina liburan sakola 4 taun kamari, sakola abdi ngayakeun liburan babarengan ka Museum Geologi, Museum Pos Indonesia, sareng ka Gua Pakar. Abdi sareng rerencangan anu lainna ngarasa bungah sabab liburan ayena urang ameng ka tempat sajarah.
Museum Geologi teh ayana di Bandung, di Museum Geologi aya mang rupa-rupa batu anu langka sareng unik. Sigana lamun di itung leuwih ti puluhan macem. Iwal ti eta di museum Geologi teh aya oge rupa-rupa minyak bumi, gambar-gambar manusa purba, tulang Dinosaurus, film perjuangan Indonesia pas di jajah keneh ku Walanda, sareng anu sanesna nu nyangkut kana sajarah.
Saentos puas ningalian benda-benda sajarah di Museum Geologi, abdi sareng rombongan ti sakola ngalanjutkeun ameng ka Museum Pos Indonesia anu letakna teh teu jauh ti tempat Museum Geologi, urang teh kantun mentas sareng papah te jauh-jauh teuing.
Pas tos nepi ka Museum Pos Indonesia urang teh teu tiasa lebet langsung, sabab sateuacanna urang teh di pasihan pengarahan sareng di wartosan kumaha Pos Indonesia teh di bentuk. Saentos pengarahanna rengse urah kengeng lebet tuluy urang teh di pasihan buku anu sampulna gambar Pos Indonesia sareng gantungan konci.
Pas urang lebet ka Museum  Pos Indonesia urang bakal ningali patung nuju ngariung tuluy aya patung tukang pos lengkep sareng motor nu sok nganterken surat. Ti ka jauhan mah patung eta teh siga anu nyaan eri pek teh patung sabab asa sarua pisan bentukna.
Di Museum Pos Indonesia teh aya kumpulan perangko anu di tempelkeun tina papan. Eta koleksi parangko teh rupa-rupa, aya parangko nu ti luar negri oge. Koleksi perangko anu aya di Museum teh mangrupa perangko ti jaman bareto keneh.
Saentos di Museum Pos Indonesia abdi sareng nu sanesna ngalanjutkeun ameng ka Gua Pakar. Tempatna teh di Dago, pas mimiti lebet eta udarana kacida tirisna. Pamandanganna oge siga nu di hutan kitu. Tuluy Gua Walanda sareng Gua Jepang teh lokasina lumayan jauh di tempat mimiti asup.
Ahirna nepi oge ka Gua Walanda, sateacanna lebet ka gua di sisi gerbangna aya denah gua Walanda, tujuanana teh ameh pengunjung teu kasasar. Tuluy aya oge tukang nyewakeun lampu senter anu pabalatak.
Pas di lebetna suasanana teh meni sararien, pararoek dei. Tapi di gua Walanda mah jalanna pondok. Jadi asa sakedap ngalewatannana teh sabab jalanna lempeng, lamun bulak-belok mah sieun nyasar.
Tuluy ayena abdi sareng nu sanesna ka gua Jepang. Di gua Jepang mah jalanna teh babatuan. Jadi urang teh kudu ati-ati lamun henteu ati-ati kena bisi katajong. Salain eta jalana teh bulak-belok jadi sieun nyasar. Alhamdullilah ahirna bisa kaluar ti gua Jepang.
Saentos ka gua Walanda sareng ka gua Jepang abdi sareng nu sanes istirahat heula di taman anu aya tempat ulinna. Di dinya abdi sareng rerencangan botram tuluy ameng didinya nepi ka puas. Teu hilap oge abdi sareng rerencangan fofotoan di tempat eta anu aya patung I.R Djuandana.
Tah eta pangalaman abdi, jadi urang tos terang kumaha kaayaan di tempat-tempat sajarah khususna ti daerah Bandung, nyaeta Museum Geologi, Museum Pos Indonesia, Gua Pakar, sareng anu sanesna.

1 komentar: